Contoh Pidato Bahasa Sunda Pentingna Ngajaga Kasehatan

Contoh Pidato Bahasa Sunda Pentingna Ngajaga Kasehatan

Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Contoh Pidato Bahasa Sunda Pentingna Ngajaga Kasehatan
Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wb

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Contoh Pidato Bahasa Sunda Pentingna Ngajaga Kasehatan"

Post a Comment

/* script Youtube Responsive */